Jumat, 03 April 2009

Kawih Kaulinan

Kawih Kaulinan

Kawih kaulinan teh sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kawih mueangkalih, nya eta sebangsa kawih anu biasa dikarawihkeun ku barudak bari arulin, boh dilakukeun di jero imah, boh di luar upamana di buruan dimana keur caang bulan, atawa ditempat lianna tempat maranehna keur arulin. Ari dipkena aya nu notok pikeun hiji kaulinan atawa ngan saukur sambian dihaleuangkeunana bari arulin.

Kiwari barudak urang Sunda-pangpangna nu aya dina kota mah–sigana geus langka arulin bari kakawihan teh. Supaya ulah laleungitan jeung supaya barudak waranoh, di dieu rek diberendelkeun bae. Rakitan kakawihan barudak mangrupa lalaguan balarea anu anonym, di unggal daerah the biasana tara sarua, sok aya bae bedana sautak-saeutik.

Cing cangkeling

Kawih paranti milang samemeh barudak ulin ucing-ucingan. Samemeh prug sok dikawihan hela ku saurang. Rakitanana kieu:

Cing cangkeling

Manuk cingkleng cindeten

Plos ka olong

Bapa Satar buleneng

Cing Ciripit

Kawih paranti milang samemeh ucing-ucingan. Rakitananakieu:

Cing ciripit

Tulang bajing kacapit

Kacapit ku bulu pare

Bulu pare seuseukeutna

Salian rakitan anu diluhur, cing ciripit the aya nu rakitanana kieu:

Cing cirripit

Gulali lobang

Saha nu kacapit

Tunggu lawang

Cok Cang (Cokcangan)

Kawih paranti milang samemeh ulin ucing-ucingan. Rakitanana kieu:

Cok cang si pendek si kacang

Si niti anggolati

Si togog montok

Rakitan kawih sejena:

Cok cang si pendek si kacang

Si niti anggolati

Dog clo

Bo lo nyon

Atawa: Cok cang si pendek si kacang

Si niti anggolati

Lameta dening si togog

Montok!

Hompilah

Memeh prung maen ucing-ucingan, jeung sajabana, barudak ngariung bari namprakeun jeung nangkubkeun dampal leuleungeun ngawih babrengan, anu unina kieu:

Hompilah hompimpah

Alaihum gambreng